Sajak Sunda
       Sajak Sunda   Sastra Sunda         Conto Sajak       TEPUNG DI BADUNG             Karya : Rahmat M. Sas Karana             Waktu datang       manehna imut bari muka lawang       - bagean sumping               Jaketna nu pulas kayas         pulas hatena nu iklas         dina matana nu hideung         aya sorot mikatineung            Asem kanyaah ti puncak gunung         uyah asih ti laut kidul       galo na lalayah Bandung           Tapi          Kasatiaan ayana ngan di Pangeran       jeung na hate malaikat nu saropan         Ngeunaan Sajak Sunda (Harti)   Sajak  nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun  Kamus Umum Basa Sunda , sajak téh asalna tina basa ...