Sajak Sunda
Sajak Sunda
Sastra Sunda
Conto Sajak
TEPUNG DI BADUNG
Karya : Rahmat M. Sas Karana
Waktu datang
manehna imut bari muka lawang
- bagean sumping
Jaketna nu pulas kayas
pulas hatena nu iklas
dina matana nu hideung
aya sorot mikatineung
Asem kanyaah ti puncak gunung
uyah asih ti laut kidul
galo na lalayah Bandung
Tapi
Kasatiaan ayana ngan di Pangeran
jeung na hate malaikat nu saropan
Ngeunaan Sajak Sunda (Harti)
Sajak nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar[1]. Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur nyaéta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma [2]
Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa.[3] Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas,kungsi ogé disebut sanjak. Disebut bébas téh saenyana mah rélatif, nyaéta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu. Saenyana mah sajak ogé mageuhan kénéh rupa-rupa konpénsi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana. Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yén nu disebut sajak téh nyaéta karangan ugeran anu ngébréhkeun pangalaman batin panyajakna.[4]
Unsur-unsur sajak
A. Unsur Lahir
Sajak teh ditulisna beda-beda, upamana aya anusapada, dua pada, jeung saterusna.
2) Pilihan Kecap (diksi)
Sajak nu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake ku panyajakna
3) Citraan (imaji)
Imaji teh nyaeta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana aya patalina jeung naon anu karasa, katempo jeung kadenge ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak.
4) Gaya Basa (Figuratif)
Gaya basa dina sajak teh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif.
5) Purwakanti
Purwakanti nyaeta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa ditungtung ungkara kalimah
B. Unsur Batin
1) Jejer (sense)
Jejer teh poko pikiran anu aya dina sajak
2) Rasa (feeling)
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak.
3) Wirahma (tone/nada)
Nada teh sikep panyajak ka nu maca. Conto dina sajak TANAH SUNDA, sikep panyajakteh hayang mere nyaho kanu maca yen najan tanah sunda endah, tapi tetep henteu tengtrem tur loba ancaman
4) Amanat (intention)
Amanat teh pesen panyajak anu karasa ku nu maca.
Wanda/Jenis Sajak Sunda
A. Sajak Epik
Sajak epik teh sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Kulantaran kitu, sajak epik mah biasana panjang. Conto dina sajak Jante Arkidam karya Ajip Rosidi.
B. Sajak Lirik
Sajak lirik mah sajakna teu ngalalakon, biasana ditulisna pondok. Conto dina sajak Do’a karya Apip Mustofa.
Panggelar Basa
1. Ngadeklamasikeun Sajak
Antara maca sajak jeung deklamasi teh beda. Dina maca sajak, dipidangkeun ku cara dibaca tur make teks. Ari dina deklamasi mah sajak dipidankeun ku cara ditalar tanpa make teks dibarengan ku gerak.
2. Harti Konotatif jeung Denotatif
Harti Konotatif (kiasan) nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen. contona: Pulisi keur mancing bangsat.
Harti Denotatif (sabenerna) nyaeta harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna. Contok : Mang Usman keur mancing lauk
3. Parafrase Sajak
Parafrase atawa parafrasa, nyaeta ngarobah wangun karangan aawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen. Upamana dirobah kana wangun basa lancaran prosa.
Dumasar kana carana, parafrase teh aya dua rupa, nyaeta:
Parafrase kauger, nyaeta ngarobah sajak kana basa lancaranku cara nambahan atawa nelapkeun kekecapan, nepi ka sajak teh kaharti eusi atawa maksudna.
Parafrase bebas, nyaeta ngarobah sajak kana basa lancaran make kekecapan sorangan. Kecap-kecap anuaya dina sajak aslina bisa dipake atawa henteu. Nu penting naon anu dicaritakeun henteu kaluar tina harti atawa maksud sajak aslina.
Lengkah-lengkah nyusun parafrase.
- Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan gemet
- Catetkeun kekecapan anu dianggap hese, geus kitu paluruh harti jeung sinonimna.
- Tuliskeun deui sajak anu dibaca atawa diregepkeun make basa sorangan
- Tepikeun deui hasil parafrase teh ku cara dibacakeun di hareupeun babaturan.
Sajarah Gelarna Sajak Sunda
Sajak (nyaéta sajak bébas téa) gelarna téh béh dieu, dina jaman sanggeus urang merdéka. Éta wangun sajak téh mimitina mah henteu ujug ditarima da pagar lain wangunan sastra Sunda. Padahal kakawihan ogé anu wangunanana mah teu béda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950. Ti taun 1946 kénéh geus aya nu nulis dina wangunan sajak, nyaéta Kis WS.[5].
Sajak téh saméméh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.[5] Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak Sunda téh di antarana: Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura, Giwangkara,jrrd.[6].Buku kumpulan sajak nu munggaran terbit nyaéta Lalaki di Tegalpati karya Sajudi (1963).[6] Ka béhdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak Laut Kidul karya Rachmat M Sas Karana (1966), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Surat Kayas karya Surachman R.M. (1967), Tepung di Bandung karya Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar (1978), Sabelas Taun karya Usep Romli HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti batan Inten karya Yus Rusyana (1980).[5]
Polemik Sajak Sunda
Polemik Ka-I
Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946, waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul réaksi anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan dangding wungkul.[7] Nya harita timbulna nu disebut “Polemik Sajak” utamana dina surat kabar Sipatahoenan.[7] Di dinya pisan polemik ngeunaan hak hirupna sajak Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda nganggap yén wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama mah dangding, anu dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung pangendahna.[7]
Tangtu baé sikep kitu téh nembongkeun yén manéhna henteu kungsi diajar sajarah bali pikeun ngajadina, nepi ka henteu terangeun yén dangding téh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa Jawa. Nepi ka timbul polemik teh, nya ku lantaran réa anu henteu satujueun kana pamadegan Ki Sunda. Henteu satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina kahirupan sastra Sunda. Tapi réa deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.[7] Sora-sora anu kontra, anu nolak kana ayana sajak Sunda utamana datang ti kalangan sastrawan entragan kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda.
Polemik ka-II
Lantaran ayana sora anu pro jeung kontra téa, nya muncul polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastran Sunda.[4] Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan, ngeunaan hak hirupna sajak dina basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua ogé anu pangpangna lumangsung dina majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung Wahyu Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak, henteu nepi ka jadi hiji kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu makalangana ogé leuwih réa.
Lamun polemik kahiji mah lumangsung dina awal taun 1950-an,polemik kadua mah lumangsung dina mangsa pertengahan taun 1950-an kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga wungkul tapi ogé dina majalah jeung surat kabar séjénna ogé ngamuat karangan boh anu pro kana sajak, boh ti anu henteu satujueun éta wangunan miboga hak hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak hirup sajak Sunda dina polemik nu kadua mah beuki réa sabab harita geus renung barudak ngora anu narulis dina basa Sunda anu leuwih réa nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan wawacan atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hese kapanggihna ku sabab geus geus langka pisan pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda. éta barudak ngora téh lian ti nembongkeun wawasan anu leuwih jembar ngeunaan sastra Indonesia, aya ogé nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb.
Ti kalangan sastrawan ngora téh di antarana Wahyu Wibisana, Rukasah SW, Kusnadi PS, Eddi Tarmidi, E. Permana, Hato’an Wangsasendjaja, jeung réa-réa deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna nembongkeun ajén puisi anu luhur, anu nembongkeun yén basa Sunda mampuh digunakeun pikeun nulis sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna téh payus tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina hak hirup wangunan sajak dina basa Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-sajakna Sajudi nembongkeun yén salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonésia,inyana ogé pageuh ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anu sok kapanggih dina carita pantun, sisindiran atawa kakawihan.
Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati[8] anu mangrupa kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda – geus taya anu misoalkeun deui ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna éta buku khazanah sastra Sunda jadi leuwih beunghar,lain baé jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak anu dimuat dina éta buku téh miboga ajén puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajén puisi Sajudi jeung puisi Chairil Anwar dina basa Indonésia.[7]
Pangarang Sajak Sunda
Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak nu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan kasenian di masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung nu aya karep jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana.[9]
Ti taun 1950-an kénéh, anu nulis sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari.[7] Ti taun ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak beuki nambahan, beuki ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak, aya ogé nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa majalah jeung surat kabar téh karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku. Anu geus réa ngahasilkeun sajakna sok terus dikumpulkeun jadi buku kumpulan sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur kapeting ku éditor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa jeung puisi.
Ti entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga mieling 46 taun sajak Sunda nyaéta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit antologi sajak dina raraga mapag 50 taun Indonésia merdeka dijudulan Sajak Sunda Indonesia Emas.
Ajip Rosidi gé ngusahakeun ngumpulkeun jeung narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga ngabagéakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit Puisi Sunda Modern dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi panglengkepna anu ngawengku ti awal gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir, taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) FPBS Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung puisi Lir Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan Sunda ti éta paguron luhur. Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal gelarna tug dugi ka kiwari.
Dokumentasi dina antologi Kandjut Kundang
(Taun 1950-an n.k. 1960-an)[10]
- KTS (Kadir Tisna Senjaya)
- Ki Umbara
- Utuy T Sontani
- Klara Akustia (A.S. Dharta)
- Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)
- SJ.Bastaman
- Tan Bie Hun (Muh.Usman)
- Tien Wiradikusumah
- Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)
- Tini Kartini
- Hasan Wahyu Atmakusumah
- Sajudi
- Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)
- KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)
- Yus Rusamsi
- Wahyu Wibisana
- Eddi Tarmidi
- Surachman R.M. (Maman Surachman Radea).
- KTS (Kadir Tisna Senjaya)
- Ki Umbara
- Utuy T Sontani
- Klara Akustia (A.S. Dharta)
- Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)
- SJ.Bastaman
- Tan Bie Hun (Muh.Usman)
- Tien Wiradikusumah
- Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)
- Tini Kartini
- Hasan Wahyu Atmakusumah
- Sajudi
- Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)
- KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)
- Yus Rusamsi
- Wahyu Wibisana
- Eddi Tarmidi
- Surachman R.M. (Maman Surachman Radea).
Dokumentasi dina antologi Saratus Sajak Sunda
(Taun 1950-an n.k.1990-an)[11]
- Kis WS
- Olla S Sumarnaputra
- Tini Kartini
- Hasan Wahyu Atmakusumah
- Sajudi
- Yus Rusamsi
- Surachman R.M.
- Ajip Rosidi
- Kusnadi (Edi) Prawirasumantri
- Wahyu Wibisana
- Eddi Tarmidi
- Apip Mustopa
- Ajatrohaedi
- Karna Yudibrata
- Habibun Wangsaatmadja
- Odji Setiadji AR
- Hikmat Sadkar
- Muhammad Santosa
- Yus Rusyana
- Us Tiarsa R
- Rachmat M Sas Karana
- Sayudin Natadisastra
- Agus Sur
- Eson Sumardi
- Abdullah Mustappa
- Karno Kartadibrata
- Yous Hamdan
- Yoseph Iskandar
- Beni Setia
- Iyas Heriyana
- Hadi AKS
- Dadan Bahtera
- Deddy Windyagiri
- Etti RS
- Usep Romli HM
- Nita Widiati Efsa
- Ade Kosmaya
- Acep Zamzam Noor
- Godi Suwarna
- Eddy D Iskandar
- Juniarso Ridwan
- Rosyid E Abby
- Tatang Sumarsono
- Taufik Faturohman
- Soni Farid Maulana
- Kis WS
- Olla S Sumarnaputra
- Tini Kartini
- Hasan Wahyu Atmakusumah
- Sajudi
- Yus Rusamsi
- Surachman R.M.
- Ajip Rosidi
- Kusnadi (Edi) Prawirasumantri
- Wahyu Wibisana
- Eddi Tarmidi
- Apip Mustopa
- Ajatrohaedi
- Karna Yudibrata
- Habibun Wangsaatmadja
- Odji Setiadji AR
- Hikmat Sadkar
- Muhammad Santosa
- Yus Rusyana
- Us Tiarsa R
- Rachmat M Sas Karana
- Sayudin Natadisastra
- Agus Sur
- Eson Sumardi
- Abdullah Mustappa
- Karno Kartadibrata
- Yous Hamdan
- Yoseph Iskandar
- Beni Setia
- Iyas Heriyana
- Hadi AKS
- Dadan Bahtera
- Deddy Windyagiri
- Etti RS
- Usep Romli HM
- Nita Widiati Efsa
- Ade Kosmaya
- Acep Zamzam Noor
- Godi Suwarna
- Eddy D Iskandar
- Juniarso Ridwan
- Rosyid E Abby
- Tatang Sumarsono
- Taufik Faturohman
- Soni Farid Maulana
Dokumentasi dina antologi Sajak Sunda Indonesia Emas
(Taun 1950 n.k 1995 - Meh sarua jeung dina Saratus Sajak Sunda, tapi aya tambahna)[12]
Dokumentasi dina Sajak Sunda
(Taun 1950-an n.k. 2000-an, disusun alfabetis)
- Aan Merdeka Permana
- Abdullah Mustappa
- Acep Zamzam Noor
- Achmad Roestandi
- Ade Kosmaya
- Agus Lukmanul Hakim
- Agus Suriamiharja
- Ajip Rosidi
- Aman
- Ano Karsana
- Apip Mustopa
- Asep Ganda Sadikin
- Asep Sunjaya Adhikerana
- Asikin Hidayat
- Asikin I
- Asri Arumsari
- Ayatrohaedi
- Beni Setia
- Chye Retty Isnendes
- Darajati
- Darpan Ariawinangun
- Deddy Anggadiredja
- Deddy effendie
- Dede Sukmadi Dukat
- Dede Syafrudin
- Deden Abdul Aziz
- Dedy Windyagiri
- Deni A Fajar
- Didi D
- Dodong Djiwapradja
- Dudum Sumarja
- Dyah Padmini
- Empu Surawinata
- Endang Supardi DS
- Euis Balebat
- Eddi Tarmidi
- Eddo Sy
- Eddy D Iskandar
- Maya Safitri
- Nurman
- Yayang
Sumber :
2. Buku teks Panggelar Basa Sunda Kelas X, Erlangga.
- Aan Merdeka Permana
- Abdullah Mustappa
- Acep Zamzam Noor
- Achmad Roestandi
- Ade Kosmaya
- Agus Lukmanul Hakim
- Agus Suriamiharja
- Ajip Rosidi
- Aman
- Ano Karsana
- Apip Mustopa
- Asep Ganda Sadikin
- Asep Sunjaya Adhikerana
- Asikin Hidayat
- Asikin I
- Asri Arumsari
- Ayatrohaedi
- Beni Setia
- Chye Retty Isnendes
- Darajati
- Darpan Ariawinangun
- Deddy Anggadiredja
- Deddy effendie
- Dede Sukmadi Dukat
- Dede Syafrudin
- Deden Abdul Aziz
- Dedy Windyagiri
- Deni A Fajar
- Didi D
- Dodong Djiwapradja
- Dudum Sumarja
- Dyah Padmini
- Empu Surawinata
- Endang Supardi DS
- Euis Balebat
- Eddi Tarmidi
- Eddo Sy
- Eddy D Iskandar
- Maya Safitri
- Nurman
- Yayang
Sumber :
2. Buku teks Panggelar Basa Sunda Kelas X, Erlangga.
Muhamad Jaelani
BalasHapusX IPS 2
Komentar: ................................(eusi komentarna ngeunaan materi sajak di luhur, komentarna bebas, teu kudu panjang, cukup intina hungkul)
Putri Rizka Fathiyyah
HapusX IPS 2
Komentar : Saengges maca blog ieu teh abdi bisa terang pengertian sajak, conto sajak, unsur sajak, jenis sajak, jeung sajarah sajak, bahasana oge mudah di pahami
Josafat P
HapusKomentar : Materi anu sampaikan keun lengkep jeung gampang pisan di pikahartina, abdi jadi ngarti naon sajak teh jadi bisa ngabantu abdi nyieun sajak
Tsalisa Naila G
BalasHapusXMIPA5
ngadeklamasikeun sajak ge aya hal nu kudu diperhatikeun, nyaeta eusi sajak kudu dilenyepan, artikulasina kudu bener, intonasi, jeda, jeung pasemon anu saluyu jeung isi sajak.
Shindy Khalia
BalasHapusXMIPA5
alesan masarakat anu teu narima kana sajak basa jaman heubeul teh ku sabab ceunah sajak mah henteu saluyu jeung wangun puisi-puisi anu geus aya dina sastra sunda anu biasana kaiket ku aturan, saperti aturan pupuh.
Delia Septiani
BalasHapusXMipa3
Tina blog ieu abdi jadi terang, sajak téh patokanana relatif bebas. Jadi sajak sok disebut puisi bébas.
Feby Nurghaida
BalasHapusX-MIPA 5
Sajak Sunda teh kaasup kategori sastra moderen, walaupun sajak teh umurna geus kolot.
Amira Nida N
BalasHapusX MIPA 5
Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang.
Rantri Nurjanah
BalasHapusX ips 2
Sajak nyaéta salah sahiji karya sastra nu mangrupa ébréhan tina sikap, jiwa jeung ékspresi pangarang.
Anisa nur A
BalasHapusX IBB
Sajak teh aya macemnya jeung pangarang na teh sèur dina hiji sajak loba pangarang bisa nepika 1 nepi20 ge aya
Bintari Virlana
BalasHapusX MIPA 5
Materi ngeunaan sajak diluhur Éta bahasa gampang kahartos.Sareng lengkep.
Tétéla yé sajak asalna tina basa Melayu. Anu Hartina guguritan sarupaning sa'ir, tapi dina sapadana henteu dipatok opat jajar.
Epi Rahayu
BalasHapusX MIPA 5
Materi sajak anu aya di luhur téh lengkep pisan.Materi anu di jéntrékeunna ogé jelas jeung talété.Bahasa anu digunakeunnana ogé gampang dipikaharti.Alus pisan materi ieu téh pikeun nambahan pangaweruh urang ngeunaan sajak.Sabab teu jarang di jaman kiwari mah loba generasi anu ngora teu apal ari sajak téh naon.Padahal sajak téh mangrupa salah sahiji ciri dina budaya sunda.Kukituna,hayu ah urang ngamumulé budaya urang!
Azfa Huwaiza
BalasHapusX Mipa 3
Blog ieu ,materi sajak anu bade disampaikeun teh mudah dipahami sareng lengkep oge.
Salma nur afiffah
BalasHapusX IPS 2
Tina materi ieu abdi janten terang unsur- unsur sajak, sareng naon wae wanda/jenis sajak teh, teras Abdi janten terang Tetela Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang.
M. Naufal
BalasHapusX IPS 2
Sajak téh saméméh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.
Alya Davina Putriani
BalasHapusX MIPA 4
Sajak sunda teh kaasup oge kana Sastra Moderen. Henteu ngan puisi, carpon, atawa drama.
Anindita Alifia Putri
BalasHapusX MIPA 3
Materi bahasan anu aya di web teh jelas, tiasa jadi bahan pembelajaran di bumi, bahasa anu di anggo na ge gampang kaharti ku barudak SMA.
Elsya Fadhilah Mustika Putri
BalasHapusX MIPA 4
Umpama dibandingkeun, sajak miboga bebeda jeung guguritan. Dina sastra Sunda, sajak nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun guguritan nyaeta karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan nu aya dina pupuh.
Bina Utara Rahayu
BalasHapusX MIPA 6
Saatos maca materi sajak ieu téh abdi jadi paham naon anu dimaksud sajak téh, ieu materi téh jelas sareng lengkep jadina gampang dipahami. Anu ku abdi pahami dina materi ieu téh nyaéta, Sajak tèh mangrupa sastra wangun ugeran anu teu kauger ku patok-patokan. Sajak ogè boga loba unsur sareng jenis-jenis na
Zahra Zafirah
BalasHapusX MIPA 6
Materi sajak diluhur téh lengkep pisan, bahasa na gampang kaharti jeung jelas. Abdi jadi apal kumaha sajarahna sajak téh, arti sajak, jenis-jenis sajak, contoh sajak, jeung nu lain na.
NAZWA X MIPA 4
BalasHapusMateri sajak anu aya diluhur téh gampang dipikaharti lantaran basa nu digunakeun teh basa sehari- hari. Materi ieu téh alus pisan lantaran tiasa nambahan wawasan ngeunaan sajak. Materi ieu ogé ngajak arurang ngamumulé budaya Sunda.
Rachel Meidiana Hariadi
BalasHapusX MIPA 7
Dina blog ieu abi terang yen wangun sajak teh di tulis na beda-beda, blog ieu ngabantu arurang ngeunaan materi sajak.
Ria Rosela
BalasHapusXMIPA5
Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna.
Arrahmah Syifa R
BalasHapusXMIPA3
Abdi jadi ngartos kana sajak, lengkah lengkahna, hartina, unsurnya, panggelar basa, sajarahna, jenisna, sareng polemikna. Jadi sajak téh nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan, ku jumlah padalisan (jajaran) dina sapadana, sareng jumlah engang dina unggal pada (bait).
Ganda mulyadi
BalasHapusX MIPA 7
Saatos kaca artikel di luhur abi jadi terang sajak teh ka asup mana sastra moderen sareng sajak teh sok di sebut oge sanjak
Vemi Aprilia
BalasHapusXMIPA5
Wangun sajak kaasup kana wangun ugeran, tapi disusun sakarep pengarang.
Amanda sp
BalasHapusXmipa4
Sajak sunda nu diluhur teh materina lengkep pisan. Dina sajak teh guru wilangan jeung guru lagu teh ka iket ku aturan pupuh, contona: guguritan jeung wawacan
Dzakiyyah K.
BalasHapusX MIPA 1
Haturnuhun, abdi janten terang yen sajak nu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake ku panyajakna.
Rizki Wandi Saefulloh
BalasHapusX MIPA 4
Kuring jadi hapal Sajak téh saméméh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.
Syafa Fadyahayya
BalasHapusX Mipa 4
Materi anu disampaijeun ngeunaan sajak teh lengkep pisan. Bahasa anu digunakeun na teh gampang dipikaharti. Hal ieu teh ngamudahkeun pikeun anu rek diajar ngeunaan Sunda.
vallina
BalasHapusxmipa7
saatos abdi maca artikel na, abdi terang mun sajak teh teu kauger ku baris
Fitria Sukma Dirgantara
BalasHapusX MIPA 7
saatos simkuring maca artikel sajak ieu, geningan sajak teh aya wanda na, nyaeta sajak epik jeung sajak lirik, lamun sajak epik mah sifatna ngalalakonkeun,ngadadarkeun,atawa nyaritakeun, biasa na panjang, lamun sajak lirik sifatna teu ngalalakon jeung sajak na pondok.
Natasha syifa aiila
BalasHapusX Mipa 4
Materi ieu tentang sajak ieu lengkep pisan, aya contoh2 sajakna jeung oge mudah di pikaharti.
Devina Putri Permatasari
BalasHapusX MIPA 7
Saengges macam materi sajak diluhur abdi jadi terang lengkah-lengkah nyusun parafrase Jeung anu sanesna
Lani Maelani
BalasHapusX Mipa 7
Matéri sajakna lengkap pisan, bahasa na ogé gampang dipikaharti, saatos maca matéri na abdi jadi ngartos kana sajak, harti sajak, sajarah sajak, lengkah-lengkah nyien sajak, unsur sajak, jenis sajak, jeung conto sajak.
Lyra Sylva Bestiani
BalasHapusX MIPA 2
Saatos abdi maca materi diluhur abdi jadi terang harti sajak. Sajak teh nyaeta karya sastra anu diwangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Teu hartina wae nu aya diluhur teh nyaeta aya unsur unsur sajak, jenis sajak, jeung panggelaran basa.
Mochamad Rizaldi
BalasHapusX Mipa 3
Saatos simkuring maca artikel sajak ieu,sajak sunda teh kudu ngandung tilu unsur nyaéta,kecap,harti kecap,jeung sora atawa wirahma.Sareng umur sajak teh geus kolot,ti kamerdekaan negara urang (1946) nepi ka ayeuna.
Rafi Fadhil husin 10 MIPA 4
BalasHapusMateri tentang sajak ke teh lengkap pisan,Dina susunan na ge mudah di pikaharti ku pembacana
Zidan Izzy
BalasHapusX Mipa 4
Saatos abdi maca materi sajak ieu teh,abdi jadi ngarti tentang sajak , diantarana, sajak teh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang.Materi diluhur ieu oge teh lengkep sareung bahasa na oge gampang dipikaharti.
Neng Siti Nur Sadiyah
BalasHapusX MIPA 4
Alhamdulillah.. saatos abdi maca blog ieu.. abdi janten terang tentang sajak, nu mana sajak teh penting dipikanyaho ku generasi ayeuna.. blog ieu oge mielingan ka generasi ayeuna yen sajak teh mangrupa sastra sunda anu penting sareng kedah dikembangkeun, dijaga ku urang, tong nepikeun sajak teh leungit.
Nalita sophia
BalasHapusX MIPA 4
abdi jadi terang materi ngenaan sjak sareng macemna jeung abdi jadi terang lamun sajak kaasup sastra modren
Revi Madia Nugraha
BalasHapusX IPS 2
Sajak nyaéta salah sahiji bentuk karya sastra anu disajikeun dinu jéjér anu teratur jeung katali. Sajak leuwih mentingkeun kaseimbangan sora bahasa , boh eta sora atanapi kajelasanana. Parantos maca artikel diluhur abdi janten terang hartina sajak,wanda/unsur sajak,panggelar basa na,lengkah lengkah nyieun sajak,sejarah gelerna sajak,sareng polemik polemik anu pernah kajadian. Hatur Nuhun
Vanesa A.
BalasHapusX MIPA 7
Materi ieu tèh lengkep jeung jelas. Anu ku abdi pahami dina materi ieu tèh nyaèta, sajak tèh mangrupa sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak oge kaasup dina sastra modèren. Selain èta abdi oge tos memahami dina materi sajak tèh aya unsur-unsurna, jenis, panggelar basa, bahkan lengkah nyusun parafrase, jeung conto sajakna.
Alifa Fadyahayya
BalasHapusX MIPA 1
Materi anu disampekeun lengkep jeung jelas jadi gampang dipikaharti, sangkan ngamudahkeun diajar sunda.
Revi Madia Nugraha
BalasHapusX IPS 2
Sajak nyaéta salah sahiji bentuk karya sastra anu disajikeun dinu jéjér anu kauger jeung kaiket. Sajak leuwih mentingkeun kaseimbangan sora bahasa , boh eta sora atanapi kajelasanana. Parantos maca artikel diluhur abdi janten terang hartina sajak,wanda/unsur sajak,panggelar basa na,lengkah lengkah nyieun sajak,sejarah gelerna sajak,sareng polemik polemik anu pernah kajadian. Hatur Nuhun
Muhammad Nuh N
BalasHapusxmipa7
Saatos maca sajak diluhur, abdi jadi ngartos anu dimaksud salah sahiji unsur fisik sajak, nyaeta Purwakanti.
Di bait kadua , Dina kecap kayas - iklas, jeung hideung- mikatineung
Difa Rahma Audiawati
BalasHapusX Mipa 7
Saatos maca sajak abi jadi leuwih ngarti lamun sajak teh teu kauger ku patokan patokan na
Dena Eka Septiana
BalasHapusX IPS 2
Sajak nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan anu mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang.
Raiqah Yasmin Nur Azizah
BalasHapusXMIPA7
Materi nu simpe keunna lengkap,Jeung abdi jadi apal sajak teh naon oge asalnya to mana,cara nyienna,Jeung naon wae unsur na.
Belva Fithriyah S
BalasHapusX MIPA 2
saatos abdi maca materi di luhur abdi janten ngartos naon ari sajak teh, materi anu ditulis lengkep pisan, salian kana pamahaman sajak ogé aya ogé jenis sajak, unsur-unsurna, sajarahna, pangarangna, jeung sajabana.
Akbar Fadhilah Syarief
BalasHapusX-MIPA-2
Abdi ayeuna jadi ngartos naon anu disebut sajak.termasuk Kana Kabeh pengertian sajak NU sejena saperti unsur,jenis conto Jeung sajabana.
Jeung sajarah sajak ti Ayana polemik nepi KA pengarang sajak.
Luthfiah Nazla H
BalasHapusX MIPA 5
Ngenaan materi sajak anu aya di web ieu teh gampang kaharti jeung pengetahuan tentang sajak teh nambahan.
Tatang Saepuloh
BalasHapusX-IBB
Materi sajak anu diteupikeun jelas aya sadayana abdi janten ngartos naon sajak teh,unsurna,sajarahna jeung nu sanesna
SINTA.
BalasHapusX MIPA 5
Dina unsur Lahir gaya basa sajak teh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif (kiasan) nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.
Debby Yuniarizki N
BalasHapusX Mipa 2
Artikel atawa blog ieu lengkep pisan. Artikel ieu ngajelaskeun ti sajarah atawa polemik sajak nepikeun pengertian, unsurna, jeung jenisna. Artikel ieu ngamudahkeun pelajar jeung mahasiswa sunda belajar sastra sunda.
Nadifah Hasna
BalasHapusX MIPA 4
Blog ieu ngabantos pisan kana siswa anu teu acan ngarti materi Sajak. Kusabab ieu blog lengkep Jeung gampang dipikaharti
Raffa Adryan W
BalasHapusX MIPA 6
Materi anu dibere dina situs wéb ieu informatif pisan.
Nameina Putri
BalasHapusX MIPA 1
Materi anu disampaikeun di blog ieu teh lengkep pisan. Bahasana ge mudah dipahami. Selain eta, materina ge disampaikeun jelas teu bertele-tele. Jadina, ngarasa mudah pisan diajar materi sajak sunda.
Utari
BalasHapusXMIPA7
Dina tulisan diluhur, sajak teh teu saukur tulisan biasa .dina ngajieun sajak kudu merhatikeun unsur-unsur oge..
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapusArie putri lestari
BalasHapusX ips 1
Saatos maca blog ieu abdi terang kana pengertian sajak, unsur sajak, jenis sajak, sareng contoh sajak. Bahasana mudah dipahami.
Nami : Sultan jayakusumah
BalasHapusKelas : X - mipa -3
Koméntar : materi anu diterakeun gampil pisan kanggo dimengerti , padat,sarta tangtos.Wawaran lengkap pisan,mimiti ti pengertian , sajarah , lengkah lengkah nyusun sajak , conto contona sarta sanes sanes.
Haifa Mazaya S
BalasHapusXMIPA6
hatur nuhun parantos ngadamel artikel sajak ieu.. informasina lengkep sareng ngabantosan pisan..
Satria Adi Ismaya
BalasHapusX IPS 3
santos maca artikel diluhur tentang sajak abdi jadi terang naon eta sajak jeung nu sajabana
Yohanes Cornelius
BalasHapusX IPS 1
abdi jadi terang materi ngenaan sajak sareng macemna,abdi oge jadi terang lamun sajak kaasup sastra modren,sareng abdi jadi apal sajak teh naon oge asalna ti mana,cara nyienna,Jeung naon wae unsur na.
Nama:MUH REVA S
BalasHapusKELAS:X IPS 1
KOMENTAR:
link ieu ngabantos pisan kana siswa/siswi anu teu acan ngarti materi Sajak. Kusabab ieu link lengkep Jeung gampang dipikaharti jeungg Materi anu disampaijeun ngeunaan sajak teh lengkep pisan. Bahasa anu digunakeun na teh gampang dipikaharti. Hal ieu teh ngamudahkeun pikeun anu rek diajar ngeunaan Sunda.
Yulianti
BalasHapusX IPS 1
Hatur nuhun,,Dina blog ieu seeur elmu anu tiasa ngabantos siswa nu teu acan ngartos kana sajak
MUHAMMAD FADLY NUR S
BalasHapusX IPS 1
saatos simkuring maca artikel sajak ieu, geningan sajak teh aya wanda na, nyaeta sajak epik jeung sajak lirik, lamun sajak epik mah sifatna ngalalakonkeun,ngadadarkeun,atawa nyaritakeun, biasa na panjang, lamun sajak lirik sifatna teu ngalalakon jeung sajak na pondok. Jeung abdi jadi apal sajak teh naon oge asalnya to mana,cara nyienna,Jeung naon wae unsur na.
Dewi Aryani Rahayu
BalasHapusX - IBB
Saentos maca artikel ieu abdi jadi terang naon eta sajak, Unsur-unsur sajakna, sejarah sajak, jeung bahasa anu dipake gampang dipikaharti ku pembacana.
Hafizha Nurul Q.
BalasHapusX IPS 1
Saatos abdi maca materi sajak diluhur, abdi jadi terang perbedaan unsur lahir jeung unsur batin dina wangun sajak.
Putri Rahmawati
BalasHapusX IBB
saatos maca materi di luhur, kuring sacara pribadi ngarasa kuring parantos paham ngeunaan bahan dina sajak diluhur. materi di luhur cekap pikeun urang murid diajar ngeunaan sajak sacara jelas.
Ryfa Yehan Rezqina
BalasHapusX IPS 1
saatos maca materi ieu,abdi janteun terang naon anu dimaksud sajak,sareng elmu lainna.
FADYNA BUNGA PERTIWI
BalasHapusX IPS 1
blog ini sae pisan kanggo abdi nu jadi pembaca sabab abdi jadi terang naon anu dimaksud sajak ,unsur,jeung jenisna
Nadyka Lenka
BalasHapusXMIPA6
Saatos maca artikel sajak di luhur, abdi paham naon etabsaajk teh, tulisanna ge gampang kaharti sareng eusina parantos lengkep tina sajarah nepi ka polemik sajak sunda na.
Dzaki Mizard
BalasHapusX MIPA 7
Status Abdi maca artikel sajak dina blog ieu, abdi teh jadi terang nyaeta, sajak teh kapsul dina kategori sastra moderen
Rifa Karima.N
BalasHapusX Mipa 7
Santos maca materi sajak di blog ieu abdi jadi terang naon ari sajak teh sacara lengkep na,unsur²na,jenisna,panggelar basana,langkah²na teras sajak th saenyana th kudu ngandung tilu unsur nyaéta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma jeung saenyana sajarahna gelar sajak sunda teh ti jaman sanggeus urang merdéka.
Andini Aprilia Widianti
BalasHapusX IPS 3
Materi diluhur gampang di
pikaharti,jadi saatos maca materi diluhur,abdi jadi apal naon eta sajak,unsur-unsur na,jenis-jenis na Jeung sejenna tentang sajak.
Alya Nuraliza
BalasHapusX Mipa 7
Santos maca materi sajak ieu abdi téh jadi terang sajak téh asalna ti mana,aya unsur-unsur na,jeung lengkah lengkah nganyieun na.
Jeremia Namira
BalasHapusX IPS 1
saatos maca puisi ieu, kuring langkung saé ngartos naon puisi sareng riwayat lengkep sareng unsur
Jeremia Namora
BalasHapusX IPS 1
saatos maca puisi ieu, kuring langkung saé ngartos naon puisi sareng riwayat lengkep sareng unsur
Ari Abdul Rohim
BalasHapusX-IPS 1
Abdi jadi terang sajak teh asalna Tina basa melayu jeung unsur sajak teh aya 2 nyaeta:
Unsur lahir, unsur batin.
ADE FAHMI AKBAR
BalasHapusX MIPA 1
Nuhun kanu nyien blog iye abdi jadi paham kanu nu ngarana sajak ,terus iye blog lengkap pisan.
Naila Salwa Sabila
BalasHapusX IBB
saatos maca artikel ieu abdi jadi terang ngeunaan sajak, wandana, unsurna, sareng nu sanesna. Eusi artikel ieu lengkep pisan tur jelas
Muhammad Ilham Raihan .Ar
BalasHapusX Ips 1
Saatos maca sajak nu diluhur.. Abi jadi paham pisan tentang sajak sareng pengertian elmu nu sejen na
Andhika Rizki Putra
BalasHapusXMIPA3
Materi Nu Dijelaskeun Kaharti Pisan Jeung Babari Pisan Di Pahami. Materina Ge Dijelaskeun Nepi Ka Seluk Beluk Na, Nyieun Nu Maca Leuwih Paham Kana Ieu Materi. Mantap����
Elsa citra o
BalasHapusX ips 1
Saentos maca blog ieu abdi jadi terang kana pengertian sajak sunda,unsur-unsur sajak,sareung sajarahna
Xaviera Sadiya Salsabeel
BalasHapusX MIPA 4
Saatos maca eusi/materi dina blog diluhur, abdi jadi nambah yakin yen hal anu baru teh teu kabeh goreng, contona sajak.
NAMA : Faza Fauziyah
BalasHapusKelas : 10 IPS 1
saatos simkuring maca artikel sajak ieu, geningan sajak teh aya wanda na, nyaeta sajak epik jeung sajak lirik, lamun sajak epik mah sifatna
ngalalakonkeun,ngadadarkeun,atawa nyaritakeun, biasa na panjang, lamun sajak lirik sifatna teu ngalalakon jeung sajak na pondok.
abdi jadi terang materi ngenaan sjak sareng macemna jeung abdi jadi terang lamun sajak kaasup sastra modren
Blog ieu ngabantos pisan kana siswa anu teu acan ngarti materi Sajak. Kusabab ieu blog lengkep Jeung gampang dipikaharti jeungg Materi anu disampaijeun ngeunaan sajak teh lengkep pisan. Bahasa anu digunakeun na teh gampang dipikaharti. Hal ieu teh ngamudahkeun pikeun anu rek diajar ngeunaan Sunda.
Gieska Mahira R
BalasHapusX Mipa 5
Saatos maca artikel ieu, nu tadina teu terang nanaon jadi terang naon eta sajak teh secara lengkep. Abdi jadi terang naon bedana maca sajak jeung deklamasi.
Teu eta hungkul, loba gening nu ku abdi teu terang teh, tapi saatos maca ieu aya elmu nu asup ka abdi. Mangpaat na karasa saatos maca artikel ieu. Nambihan elmu kanggo sadayana.
Risma Dewi A
BalasHapusX Mipa 1
Saatos abdi maca ngeunaan materi sajak sunda nu diluhur,abdi jadi terang kana hartina sajak,unsur-unsur sajak, sajarah jeung pangarangna.Materina lengkep pisan jeung bahasana gampang dipikaharti.Hatur nuhun.
Amelia Nur Alin
BalasHapusX IBB
Materi sajak ieu lengkep pisan sareng bahasana gampang dipikaharti. Saatos maca blog ieu téh abdi jadi ngartos yén bahasa sunda téh bahasa anu éndah sareng kosakatana ogé loba, jadi bahasa sunda cocok pisan lamun dijadikeun sajak.
Sodik Nurhasan
BalasHapusX IPS 2
Sajak nyaeta salah sahiji karya sastra anu hente kauger ku patokan patokan,sajak dina bahasa indonesia nyaeta sarupa jeung puisi.
Wahyu Wulan Pratiwi
BalasHapusXMIPA3
Kuring resep panyaimpaian na, kecap gampang kahartos, sareng ogé dijelaskeun sacara jentre supados éta langkung kahartos sareng terang naon anu aya dina sajak
Angelie Febrina
BalasHapusX Mipa 3
Saatos maca sareng mahami kana materi sajak ieu, abdi janten paham ngeunaan sajak. Materi anu ditulisna jelas pisan sareng lengkep, gampang kahartos.
Kamila Insi Aflaha
BalasHapusX MIPA 6
saatos maca artikel ngeunaan sajak diluhur, abdi jadi paham naon eta sajak teh. Materi anu dibere jelas sareng lengkep, bahasana ge gampang kaharti, ngabantos pisan kagiatan diajar online.
Edgina Alfiya
BalasHapusX IPS 3
sateuacan maca blogna mah masih keneh bingung naon nu dimaksud sajak teh, tapi pas maca mah "oh kieu ningan" sajak teh matak bisa kadengu lalungles teh karena aya sababaraha aspek nu nyieun sajak teh endah, salain eta ge aya salah sahiji bahasan nu nyieun abi rada ngarinding nyaeta, "nya muncul polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastran Sunda." berarti baheula sastrawan teh saling lalawanan pikeun ngaayakeun sajak ieu teh.
Blog ieu ngabantos pisan kana siswa anu teu acan ngarti materi Sajak. Kusabab ieu blog lengkep Jeung gampang dipikaharti
BalasHapusAlwitrigustiana
HapusX IPS 2
Rahadian Rasyid Alyasa
BalasHapusX MIPA 3
Blog ieu ngabantu pisan kuring kuriun mahamkeun materi sajak.